SAMPURASUUN..

di handap ieu,aya teks drama nu ku abdi di damel kangge nambih-nambih inspirasi sadayana..mangga bade di copy..namung kedah wawartos heulanya ...?
cag wassalam.

Kamis, 31 Januari 2013


Pamiarsa, si Kabayan anu kakocap pinter tapi bodo, bodo tapi pinter, tina gunem caturna jeung Ambu meunang ilham. Seja usaha,neangan pangupa jiwa pikeun maraban kulawarga. Kumaha ketakna si Kabayan?Sumangga nyanggakeun pintonan Drama, dina carios si Kabayan Nyaba ka kota.SIKABAYAN ASUP KA PANGGUNG, LEUMPANG SALSE, KULIAT, HEUAY, TERUS DIUKSILA TUTUG, NGAGERE CEULI KU BULU HAYAM, SIRAH LEHEK/DENGDEK, PANONPEUREUM HAYAMEUN, MEUREUDEUY.DATANG AMBU NGAJINGJING SAPUNYERE/INJUK. JENGKEL, AMBEK, GEREGETEUN.

AMBU: (NYENTAK ) Kabayan !Kunaon ceuli téh hayoh waé digéré ?Kumaha mun tosblong, siah ?Digawé kadituh, kaluman kami mah nénjona ogé.

SI KABAYAN : (AYEM, LEULEUY) Jééh, kunaon ari Ambu?Mani taya bosena kana ambek-ambekan teh, soré isuk euweuh eureuna.Ulah kitu, matak téréh kolot.
AMBU: ih , maneh mah bodor,pguh ambu the geus kolot, boga budak lalaki téh mani euweuh pisan guam.Ngalangala suluh ka dituh.
SI KABAYAN : Aaaaah, horéam euweuh bedogna.ambu
AMBU: Matak naon mun nginjeum ka Abah?
SI KABAYAN : Alim ah, sok ngambek si Abah mah.Bisi nagih ongkoh, heug kami boga kénéh hutang.
AMBU: (JENGKEL) Ih, budak téh teu uyahan siah !Heug usaha atuh, ulah ngajentul waé,Turutan batur !
SI KABAYAN : Usaha kana naon, Ambu?
AMBU: Nya kana naon wé atuh, kawas batur.Keun baé teu jadi Pagawé Nagri ogé, asal usaha nu halal.Tuh kawas Pa Haji, miara hayam, miara domba, atawa naon wé atuh. Sing aya guam hiruptéh, da jelema mah teu ngeunah dagingna(SI KABAYAN NGOREJAT, TERUS NANGTUNG, SURASEURI GUMASEP)
SI KABAYAN : Héhéhé, héhéhé, heueuh bener, ambu. Asa diingetan, puguh kami teh hayang« hayang diajar wisarwata, aéh« naon ning, mbu?
AMBU: (NYENTAK) Wiraswasta, belegug !Lain wisarwata
SI KABAYAN : Jééééééééh, nya ulah maké belegug atuh,Ambu.Salah saeutik mah meunang.
AMBU: Heueuh rék kumaha atuh?
SI KABAYAN : Héhéhé, kieu mbu. Abdi badami heula jeung si Ucok.Pokona mah ambu ulah hariwang, si kasep ieu pasti usaha.
AMBU: Jig atuh, ulah ulin waé. Sing mikir hirup téh.
SI KABAYAN :Muhun ambu.
(SI KABAYAN JEUNG AMBU LEUMPANG NGURILINGAN PANGGUNG AMBU KALUAR, SI UCOKASUP KA PANGGUNG.)
SI UCOK: (SONO) Eéééééééh, engkau kabayan,macammana pula kau ini..
SI KABAYAN : Heueuh, bagéa cok.Puguh ngahaja rék ka imah manéh tadina teh.
SI UCOK: (DARIA) bah..bah, ada apa kau ini kabayan ?
SI KABAYAN : Ulah reuwas, da lain rék nagih.Puguh Kuring téh hayang diajar wiraswasta.Cik ménta bongbolongan, kana naon, nya?
SI UCOK: Ooooooh, Begitu?(NEPAKAN TARANG LALAUNAN)
SI KABAYAN : Enya , tah cok , kumaha atuh solusina..
SI UCOK : Kebetulan kau datang ke sini , besok aku mau berangkat ke kota,ke rumah sodara, kau ikut aku lah,nanti aku kenalkan ke abang aku , dia pejabat, siapa tau ada pkerjaan untuk kau.!
SI KABAYAN : iiih ,, bener euy cok,, hayu lah isuk siap lah ..
Isukna si Ucok ka imahna si kabayan,ngamaksud rek nyampeur,si Kabayan siap-siap tuluy menta doa ti Ambu.

SI KABAYAN :Ambu kabayan pamit,rek nyaba ka kota,dungakeun nya ambu, mugia salamet.
AMBU : (leleuy) jig yan, bageur soleh, ku ambu mah didoakeun wae , da budak hiji-hijina, manga sing salamet..
SI KABAYAN : muhun ambu assalamualaikum.
SI KABAYAN jeung SI UCOK,berangkat ka kota, barang nepi di kota kabayan popotoan heula jeung tugu..
SI KABAYAN : cok pang motokeun cik cok ..
SI UCOK : Oke.. oke..
SI KABAYAN : (ngobrol ka tugu)Tugu ngiring di potonya ?
TUGU : MANGGA..
SI KABAYAN : eksen heula atuh , meh gaya seuri yeuh kawas abi .. J..
TUGU : MANGGA (bari ngagaya kawas kabayan )

Geus popotoan akhirna kabayan ngalanjutkeun neangan barayana SI UCOK.
Di sisis kota aya 2 rampok anu keur  ngarobrol,ngamaksud rek siap-siap ngarampok.

Bos rampok : heuh,,geus mangpuluh-puluh taun ngarampok tapi angger we teu beunghar-beunghar ieu teh heuh,,
Ujang rampok: nya heueuh atuh da pantes teu benghar ge, ai nyopet nu beunang teh KTPna hungkul, jang naon coba?
Bos rampok: heueuh ai etana mah, ah euy aing mah bingung eta pajabat anu di luhur, nyahoo ngabela rakyat nu leutik,, ai dahar kudu wae diparaban ku rakyat nya eu ?
Ujang rampok: bener tah bos..

Barang keur ngarobrol, jol datang bapak tompel sitompul ngalewat bari mawa duit loba na tasna,atuh si bapak tompel sitompul teh di cegat ku rampok.

Bos rampok: tuhh,, aya bapak pajabat jigana mah euy ..rampok lah aingmah.
UJANG RAMPOK: hayu bos lah ..(make topeng tibalik)
Bos rampok : heh tibalik  eta eth ..!
UJANG RAMPOK: milih hirup atawa paeh.
             bos rampok: lain kitu atuh nanyana salah da kabehge haying hirup mah ..
UJANG RAMPOK : oh atuh.. milih harta atawa nyawa?
Bos rampok : tah kitu…
Bapak tompel s: eh,, aya naon ieu teh ? aya naon? Na make milih sagala.?
UJANG RAMPOK : tong loba nanya ,,nepangkeun ujang, urang teh rek ngarampok yeuh ,.
Bapak tompel : ehh , pamali jang tong ngarampok dosa..!
              bos rampok : leuwih gede mana dosana ngarampok jeung korupsi pa?
Bapak tompel : heemmmm..bener nya euy ..(bingunG)
UJANG RAMPOK :  tah buru geuwat cepat , serahkeun tah tasna .!
Barang rek di serahkeun,kabayan jeung ucok datang nulungan bapak tompel sitompul nu keur di rampok,teu di sangki bapak tompel sitompul teh nyaeta barayana si ucok nu di teteangan.

Kabayan : heii ,, aya naon ieu teh, wanina kanu kolot ,yeuh kanu ngora,nu imut jeung caem..!!(ngagya sadia rek silat)!
Ucok : hajar kabayan hajar..!
Bos rampok : naon maneh pipilueun ,, hiatts ..

GARELUT, NU MEUNANG KABAYAN RAMPOK KA LUAR.

Barang nepi geus eleh, rampok kabur, tuluy kabayan jeung ucok  nolongan bapa tompel.. teu disangki anu ditulungan teh, nyaeta barayana SI UCOK nu diteteangan.. kumaha kalanjutanna cuang pinton..

SI KABAYAN : Bapa teu kunananon?
BAPAK TOMPEL: Teu kunanaon jang, nuhunnya..
SI UCOK : ehh ,, aku kenal ini,, abang ??
BAPAK TOMPEL : UCOK ..?
SI UCOK : alah macammana pula kau ini abang sampe di rampok..
BAPAK TOMPEL : panjang caritanya ,, nanti kita ngobrol ,, (ngalieuk ka kabayan) ini temanmu yang mau jadi satpam cok?
SI UCOK : Iya abang .. namanya kabayan.
SI KABAYAN : KABAYAN .. (SASALIMAN JEUNG BAPA TOMPEL)

Tuluy kabayan jeung ucok , di bawa ku bapa tompel sitompul ka imahna, kabayan ahirna boga gawe, jadi satpam di imahna bapa tompel. Naming di imahna bapa tompel aya budakna fira tompel bogoheun ka si kabayan kumaha caritana ,, ?? cuang sakseni ..

MAMIH TOMPEL : PAPIIHH tos uih ..(bari nyampeurkeun)
BAPA TOMPEL : ENYA,, yeuh simpen aciss ( merekeun tas)
MAMIH TOMPEL : asiiiiikk ,, meuli emas dei ahh ,, renceum euy ..

NGALEOS NINGGALKEUN PANGGUNG, ASUP FIRA TOMPEL.
  
FIRA TOMPEL : PAPIIHH ..eehh ,, bang ucok ? apa kabar ,,
SI UCOK : bah ,, macam mana pula kau ini ?? sudah besar kauu ,, oh iya kenalin ini temen abang namanya KABAYAN
FIRA TOMPEL : (TERPESONA) IHH ,, MENI KASEP PISAN EUYY ..
SI KABAYAN : nepangkeun abi kabayan ..
Geus kitu ,, akhirna kabayan jadi satpam di bumina bapa tompel sitompul,kabayan dititah ngajagaan fira tompel, di sahiji waktu kabayan ngirim surat ka kampong,ngmaksdu rek ngabejaan iteung , yen kabayan geus gawe ..

KABAYAN NULIS SURAT MEREKEUN KA TUKANG POS,KU TUKANG POS DI TEPIKEUN KA ITEUNG .

NYI ITEUNG : KABAYAN teh kamana atuh ?? 2 mingu can ngirim wae kabarna.. ah jadi hawatos..
TUKANG POS : SURAT..SURAT AYA ULEMAN ,, AYA SURAT KA CINTA JSB..teh surat kanggo iteung ti kabayan saurna..
NYI ITEUNG : JODO ..(ngorejatkeun tukang pos)
TUKANG POS : TANDA TANGAN HEULA ATUH.. DIDIEU YEUH ..
NYI ITEUNG : ENYA .. nuhun nya kang .. ( ngabaca surat, nyanyi nalangsa) mun itu mah , kubakat abi sono, haying panggih rek nyusul wae ka kota ah ..

 NYI ITEUNG nyusul KABAYAN di kota,barang nepi di kota kabayan teh keur duduan jeung fira tompel .. atuh nyi iteung ambek-ambekkan.

NYI ITEUNG : KABAYAN .. ? ( BARI MOLOTOT KA KABAYAN JEUNG FIRA TOMPEL)
SI KABAYAN : ITEUUUNG ..? ( REUWAS)
FIRA TOMPEL : Kang eta saha ? ( nyekel leungeun kabayan)
NYI ITEUNG : KANG ETA SAHA ..?? ( AMBEK)
SI KABAYAN : ettaa .. eeuu etaa .. (BINGUNG KUDU NGAJAWAB NU MANA)
NYI ITEUNG : Ohh jadi kang kabayan teh di gawe jeung salingkuh ,, geus ah dugi dieu we ,hubungan urang tehnya ..? ( LUMPAT)
SI KABAYAN : lain kitu nyii ,, kupingkeun heula nyii ..Nyaiii.. (NGUDANG NYI ITEUNG)
FIRA TOMPEL : Kang kabayan .. K-A-B-A-Y-A-N.. kabayan antosan ..(slow motion)

Geus kitu KABAYAN nalangsa pepegatan jeung iteung 2 poe,, tuluy kabayan panggih jeung iteung nyaritakeun sakabehna,yen si kabayan jeung neng fira the,, taya nanaon,kieu kalanjutan caritana..
KABAYAN : NYI , kabayan teh taya nanon jeung neg fira,neng fira teh budakna dunungan akang ..akang titah ngajaga neng fira nyii .. ngartos atuh .
NYI ITEUNG : BENER KANG (nukang ka kabayan )
KABAYAN : BENER NYAII ,.. suuererr. Takewerkewer dah ..janten kumaha urang sapertos bsa eta deui nya .. ?? ( beungeut sedih )
NYI ITEUNG : (SURA-SEURI BARI UNGGUT)
KABAYAN : ASSIIIIIIIIIIIIIIIIIKKKKKKKKKKKK..
Akhirna si kabayan jeung iteung balikan deui jiga baheula,ngi iteung ge ayeuna teu cemburuan deui,, kabayan jeung iteung  bahagia salamina …..


,. TAMAT,.

Sakitu heula teks drama ti simkuring,kubakat nyaah pisan ka budaya sunda anu luhur ajenna,abdi salaku panerus urang sunda, bangga pikeun ayana caritaan nu mangpuluh-puluh taun diwanohan ku urang sunda,sanes di wanohan hungkul, namung deui tiasa janten simbol kangge urang sunda..

Hatur nuhun ka sadayana anu parantos maca sareng ngaregepkeun dugi ka cecengiran ..
CHAYOO SUNDAA..